B. Daerah

Pertanyaan

perkara naon anu dicaritakeun dina kawih karatagan pahlawan

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :


    Perkara anu dicaritakeun dina kawih karatagan pahlawan teh nyaeta ngeunaan kapahlawanan dina ngarebut kamerdekaan Indonesia. Dina rumpaka kawih, perkara anu dicaritakeun teh bisa ditilik tina tema atawa jejer eta kawih. Tema atawa jejer teh mangrupa salahsahiji unsur nu aya dina rumpaka kawih.


    Unsur salengkepna dina rumpaka kawih nyaeta tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa jeung amanat. Kawih teh mangrupa salahsahiji rupa tina lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup oge kana karya sastra.



    Kawih, kakawihan jeung tembang nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi, saperti sajak, sisindiran, guguritan, wawacan, carita pantun jeung sajabana ti eta. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh.


    Lagu Karatagan Pahlawan kaasup kana lalaguan Sunda kawih. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta ari kakawihan mah biasa dihaleuangkeun dina waktu keur ulin atawa keur digawe. Sedengkeun kawih mah biasa dihaleuangkeun iraha wae jeung dimana wae.


    Sanajan rumpaka kawih teh teu kaiket ku aturan, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa rumpaka kawih. Unsur-unsur anu dimaksud nyaeta anu geus disebutkeun di luhur, nyaeta unsut tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat.


    Kata Kunti : Kawih karatagan pahlawan

Pertanyaan Lainnya